Jumat, 01 Juli 2011

BUDAYA SUNDA

Budaya sunda nyaeta adat istiadat urang sunda atawa kabiasaan urang sunda  anu tetep aya ajen luhurna jeung bisa dimanfaatkeun ku urang sunda, salain kitu budaya sunda oge  bakal ngamumule kahirupan jelema ku bogana kabudaayaan  atawa adat kabiasaan. Urang salaku urang sunda kudu ngamumule kabudayaan urang sorangan sangkan urang bisa majukeun  atawa ngembangkeun adat budaya sunda. Budaya oge mangrupakeun sakabeh perkara anu sipatna kumplit tina pangaweruh kapercayaan seni moral jeung hukum.
Adat istiadat kabiasaan dina kahirupan sapopoe anu sok dilakukeun aya proses budaya pamikiran.kaayaan jaman kiwari dina kahirupan.
Urang sunda nyata enggeus beda pisaan tina kabiasaan anu aslina. Kusabab aya kabudayaan anu dianggap leuwih pastina enggoning ngalakonan kahirupan. Dina masarakat budaya sunda baheula. Masih taat jeung sieun ku ngaran pelaturan tapi ku ayeuna masarakat sunda loba ngarumpak jeung loba mengpelehekeun kana ngamumule kabudaayan asli.
Dina jaman baheula kabudayaan sunda dijeun tetegenan enggoning ngalaksanakauen kabiasaan hirup. Tapi kujaman kiwari masyarakat sunda geus poho kana warisan kolot baheula. Kukaayaan barobahna kabiasaan anu sahubungan jeung kabudayaan iyeu mangrupa hiji tugas urang salaku urang sunda. Ku baronahana anu samodel kieu urang perlu waspada jeung ati-ati dina ngajalankeun kahirupan. Kusabab lamun urang mengpelehe dina parubahan kabudaayan bakal jadi cirri yen urangteh hiji bangsa anu leungit jati dirina.
Dina zaman baheula anu sahubungan dina kabudaayan aya hiji kabiasaan atawa pangadatan anu sok jadi mamala lamun dirumpak atawa jadi matak picilakaeun. Anu mana kabiasaan dina pajangjian jeung kabiasaan anu sok dilakukaeu lamun aya hiji permasaahan ku karuhuhun urang, lamun hese beres hiji masalaha sok diaya keun hiji janji anu meungkeut ka dirina jeung ka katurnanna. Hal anu samodel kieu sok disebut pacaduan dina kabudaayan sunda. Anu tungtugna lamun riumpak sok ngakibatkeun hiji mamala nau kacida rosana pikeun dirina boh katurunana.
Aya deui dina kabudaayan sunda anu sok dosebut ku pamali, anu mana eta hiji kapamalian teh sok disangkut pautkeun jeung kahirupan dina sapopoe.

Sumber:
Wawancara dilakukeun tangal 10 Agustus 2010
NARASUMBER : Ayi Birun
Umur                   : 45 Taun
Hal anu ditanyakeun: pacaduan urang Cibolang benghar
Dina hiji mahsa kurang lewih taun 30an. Urang Cibolang jelemana kabeh beurat benghar. Salah sahiji jelema anu diangap paling beunghar nyaeta Mama Rosyad, manehna nepikeun ka boga sawah opat desa.  Lamun datang mangsa panen pare. Tukang gacong tuluy-tuluyan lima poe lima peting teu eureun-eureun  ngala pare. Ku alatan beungharna Mama Rosyad dina hiji usum parena kebeh hasil panen parena dibikeun ka warga kampung Cibolang, kusabab pare geus teu ka asupkeun di leuit. Cenahmah parene nepi ka baruruk kusabab teu ka poe ku saking lobana. Kitu jeung kitu rizkina Mama Rosyad dina ungal taun. Dina hiji mangsa aya tatangana anu teu bisa disebutkeun ngarara ngarasa sirik ku rizkina Mama Rosyad, manehna hayang nyaingan kana harta jeung banda Mama Rosyad. Ahirna manehna usaha indit ka kota. Teu kungsi lima taun manehna balik. Kusabab dina salila lima taun usaha dikota geus bisa meuli harta sarapatna tina lobana harta Mama Rosyad. Saenggeusna aya dikampung manehna usaha ngabanar pare. Hasil panen tina sawah Mama Rosyad dibeuli kumaneha. Dina salila sapuluh taun tatangaa Mama Rosyad usaha kana pare aya dina kapinunjulan. Ampir satengah harta Mama Rosyad kabeuli kumanehna.
Sanajan kitu sipat tamak jeung kadedemes jelema bakal ngarasa kurang ku  ngaran harta. Tatanga Mama Rosyad ngarasa sipat hayang ngapimilik kabeh harta anu dipimilik ku Mama Rosyad. Manehma mikir kumaha carana sangkan hartana kabeh beak ku manehna. Dina hiji mangsa manehna indit ka Pameungpeuk (daerah laut pakidulan) pikeun neangan pare. Keur cadangan manehna. Dina saenggoning perjalanan papanggih jeung hiji aki-aki anu geus cukup kolot. Pendekna carita manehna ngobrol nagadweung jeung aki.
Panguneuman kurang lewih samodel kieu”
Aki-Aki           : “ nuju naon kasep”
Ki Nahas         : eh aki, kuring teh keur neangan barang keur jualeun ka kota”
Aki-Aki           : “ kana naon dagang teh kasep”?
Ki Nahas         : “kana pare”
Aki-Aki           : “kumaha usaha the aya dina kalancara kasep:
Ki Nahas         : “ Alhamdulillah ki”
Aki-Aki           : nuhun kasep atuh ari aya dina kapinujulan mah.
Trus Ki Nahas malik nanya ka aki-aki eta
Ki Nahas         : Ari aki bade kamana”
Aki-aki            : ah aki mah keu we ngalalakon nuturkeun inung suku”
Ki Nahas         : ah aki mah bisa wae”
Cinekna carita dina paguneman Ki Nahas ngajurus kana tatanya kumaha carana hayang ngalinglungkeun anu ngaran Mama Rosyad. Nya si aki mere bongbolongan ku jalan kudu indit kahiji tempat gunung wayang anu ayana di Bungbulang. Nya ku Ki Nahas sakumaha saran eta aki-aki dilakonan, manehna indit ka gunung wayang anu aya di Bungbulang.
Singkatna carita Ki Nahas saeunggeusna ti gunung wayang balik ka Cibolang. Geningan Allahu nyubadanan sakumaha nau dipimaksud ku Ki Nahas diijabah ku Gusti. Abong paribahasa Allah nagugu kana kahayang mahlukna. Tah paribahasa iyeu  ngeunaan ka Ki Nahas.
Mama Rosyad usahana bangkrut hartana dijualan kusabab dipake hirup sapopoe. Cinekna carita Ki Nahas jadi raja kaya di kampung Cibolang. Jeung anu leuwih sedih pikeun Mama Rosyad Ki Nahas nagdadak hirpuna sombong khusuna kakeluarga Mama Rosad.
Ahirna carita yen Ki Nahas indit ka gunung wayang di Bungbulang kasebar tepi kana ceuli Mama Rosyad. Tapi kusabab Mama Rosyad jalmana anu pinuh ku elmu pangaweruh teu percaya kitu bae tapi ku ningali galagat Ki Nahas anu samodel kitu. Ahirna Mama Rosyad garasa panasaran. Anjeuna nalungtik kana galagat Ki Nahas hayang ngabuktikuen. Sakumaha omongan masyarakat teh nyalahan Ki Nahas nyeungeut menyan susuguh kaperego ku Mama Rosyad. Mama Rosyad teu cicingeun. Ngingetan yen pagawean samodel kitu the musrik. Ajaran agama islam nyalahkeun pagawean nyembah salian ti ka Allah. Tapi Ki Nahas teu ngadenge kana panggeuing Mama Rosyad. Dina hiji poe pasea paloba-loba omong antara maranehna kajadian. Mama Rosyad jeung Ki Nahas pasea. Akhirna eta pasea Ki Nahas dikucilkeun ku masyarakat sakampung Cibolang. Terus masyarakat sakampung Cibolang ngayakeun hiji rempugan anu kasimpulana pacaduan urang Cibolang kudu hirup beunghar. Jeung pacaduan urang Cibolang kudu hirup miskin malarat rosa. Lamun urang Cibolang hayang hirup beurat beunghar kudu kaluar ti kampung Cibolang. Cinekna carita warga masarakat Cibolang ngalakukaeun hiji kagiatan sumpah janji  anu dipingpin ku Mama Rosyad  tur disaksikeun ku masarakat sakampung Cibolang neukteuk leukeur meulah jantung ngucapkeun sumpah pacaduan dugi ka ayeuna mitos kampung Cibolang seolah-olah lumaku ka warga masarakat Cibolang. Ka asup simkuring salaku pangeusi kampung Cibolang. Seueur kabuktosan unggal warga Cibolang hirupna menyat beunghar, teu weleh usahana ancur, atawa jelemana gering dugi ka gelo. Sareng unggal masyarakat Cibolang hirupna miskin teu weleh aya raja kaya ngabantu dugi ka mere imah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar