Selasa, 13 September 2011

SHOLAWAT HAJI


Oleh : KH.M. NUH ADDAWAMI

يا نبى سلام عليك يا رسول سلام عليك
يا حبيب سلام عليك صلوات الله عليك

Nun Alloh abdi sadaya
Kempelan para baraya
Nyaksi pun dulur mulia
Kana agama satia

Anjeuna tos jembar manah
Gilig galih tumaninah
Seja milampah ziarah
Ka Mekkah kalih Madinah

Abdi titip agamana
Kalih amanah mantena
Miwah pamungkas amalna
Bekelan nun ku taqwana

Maksadna mugi hasilkeun
Manasik haji gampilkeun
Fisikna mugi kiatkeun 
Mentalna mugi teguhkeun


Hajina mugia mabrur
Dosana mugia maghfur
Mugi dipanjangkeun umur
Ngariung deui di lembur

Nun Alloh Gusti pamugi
Nampi du’a wargi-wargi
Ku ijabah nu peryogi
Kanu diseja kadugi

Mugi sehat wa-lafiat
Walagri tina panyawat
Icalkeun lara sakarat
Bagjakeun dunya akherat

Sakitu abdi unjukan
Ka Alloh nu maha heman
Nun gusti nu maha loman
Pamugi Gusti nyaosan

استودع الله دينكم وامانتكم وخواتم عملكم وجودكم الله التقوى

Tidak ada komentar:

Posting Komentar